na INLIS000000000008457 20181216111447 ta 181216 g 1 | 978-979-8004-03-2 0010-1218000210 819 819 USE n Usep Romli H. M. NYI KALIMAR BULAN / Usep Romli H. M. Cet. 1 Bandung : PT Kiblat Buku Utama, 2017 40 hlm : Ilus ; 14,5 x 21 cm Cunduk kana waktu, brol Lembu Wulung ngajuru Orokna manusa. Awewe. Mulus pakulitanana, geulis rurupaanana. Moncorong cahayaan kawas bulan opat belas. Ku kituna, orok teh dingaranan bae Nyi Kalimar Bulan. Ayeuna mah Lembu Wulung henteu ngarasa keueung teuing. Boga batur ulin, orok cooeun. Boga batur ngomong. Saban isuk, Nyi Kalimar Bulan diajak hao hakeng. Beuki lila beuki bentes. Nepi ka bisa cacarita make basa manusa biasa. Umur sataun teh, pangawakan Nyi Kalimar Bulan teu beda ti jalma umur dua belas taun. Pikeun tempat padumukan, Lembu Wulung ngahaja dakar-deker nyieun saung. Wedel pisan. Make tihang kai balokan. Pantona papan bahbir kararandel. Unggal poe, upama Lembu Wulung indit nyiar dahareun, Kalimar Bulan disina ningkreb di jero. Panto saung sina ditulakan pageuh pisan. Teu meunang sagawayah dibuka, kajaba lamun indungna datang bari ngagero ku hariring: Carita Sunda Perpustakaan Daerah Kabupaten Sumedang 1269/DAP/2018 1270/DAP/2018 1271/DAP/2018