na INLIS000000000009312 20190706103906 0010-0719000235 ta 190706 g 1 | 978-979-8004-03-2 819 819 USE n USEP ROMLI NYI KALIMAR BULAN / USEP ROMLI Cet. 2 Bandung : kiblat, 2017 40 hlm ; 14.5 x 21 cm CARITA SUNDA Cunduk kana waktu, brol Lembu Wulung ngajuru Orokna manusa. Awewe. Mulus pakulitanana, geulis rurupaanana. Moncorong cahayaan kawas bulan opat belas. Ku kituna, orok teh dingaranan bae Nyi Kalimar Bulan. Ayeuna mah Lembu Wulung henteu ngarasa keueung teuing. Boga batur ulin, orok cooeun. Boga batur ngomong. Saban isuk, Nyi Kalimar Bulan diajak hao hakeng. Beuki lila beuki bentes. Nepi ka bisa cacarita make basa manusa biasa. Umur sataun teh, pangawakan Nyi Kalimar Bulan teu beda ti jalma umur dua belas taun. Pikeun tempat padumukan, Lembu Wulung ngahaja dakar-deker nyieun saung. Wedel pisan. Make tihang kai balokan. Pantona papan bahbir kararandel. Unggal poe, upama Lembu Wulung indit nyiar dahareun, Kalimar Bulan disina ningkreb di jero. Panto saung sina ditulakan pageuh pisan. Teu meunang sagawayah dibuka, kajaba lamun indungna datang bari ngagero ku hariring PERPUSTAKAAN DAERAH KAB. SUMEDANG 2469/DAP/2019 2470/DAP/2019